Mitoha si kabayan keuheuleun pisan,
sabab si kabayan sok ngalamun wae. di gawe bari ngalamun, dahar bari ngalamun,
mandi bari ngalamun komo di pacilinganmah mani beuki anteng ngalamuna teh…
sakali mangsa si kabayan manggih endog meri, ngagoler dina jarami di sawah
mitohana, si kabayan atoheun pisan, gancang endog meri teh di bawa kaimah
de tembongkeun ka pamajikanana.
“montong” tembal si kabayan, “anggurmah rek di pegarkeun, di pilukeun kana
hayam bapa, nu ayeuna keur nyileungleum” tembal si kabayan. ti dinya endog teh
di teundeun hareupeunnana bari di taksir.
“kumaha akang wae atuh, ngan ayeuna mihape budak, uing rek ngisikan heula”
ceuk pamajikan si kabayan bari ngajinjing boboko rek ngisikan di pancuran.
si kabayan cingogo di harudum sarung bari nyanghareupan endog. budak mah di
antep wae sina kokorondangan dina palupuh, ari manehna anteng ngalamun deui,
kieu ngalamuna teh….
“endog teh pasti megar, heug bikang, engke pasti ngendog deui. umpamana wae
ngendogna sapuluh terus di pegarkeun deui, megar deui jadi boga sabelas meri
tah, pek kabeh ngendog deui, mun endogna sapuluhan jadi boga 110 endog, beuki
lila meri teh beuki loba. endogna oge pasti beuki loba. aing rek jadi bandar
endog, endog di jualan aing jadi loba duit. duitna di beulikeun domba bikang.
domba na baranahan tepi ka aing loba domba, dombana di jual kapasar, terus di
beulikeun munding sarakit, munding oge baranahan, aing bakal loba munding…
adeuh..huhuy… munding aing mani rendang di sawah…….”
keur kitu, geprak wae endog si kabayan teh di baledog ku pamajikanana tepi
ka peupeus, sihoreng endog teh kacingcalang.
“kabayan, cing atuh kana ngalamun teh mani kamalinaan, tuh tenjo si encid
mani buncunur sirahna tidagor kana tihang, da di antep wae…”
si kabayan kalahka molotot ka pamajikannana.
“kunaon munding aing di ruksak ku maneh..? rasakeun ieu paneunggeul..” ceuk
si kabayan bari ngamang-ngamang sapu.
pamajikan si kabayan sieuneun, tuluy lumpat ka imah kolotna, bari ngais
budak. si kabayan ngudag bari angger ngamang-ngmang sapu.
mitohana norojol ti imah, tuluy nanya ka si kabayan.
“ku naon maneh teh kabayan kawas nu teu eling..”
“bongan munding uing di ruksak ku si iteung..”
“na timana maneh boga munding…?”
“pan tina ngajual ladang endog asal na mah..” tembal si kabayan
“bohong ketang, ngalamun wungkul, barina ge endogna kacingcalang..” si
iteung nambalang
“euh kitu..” ceuk mitoha si kabayan..” paingan atuh kebon aing, mani ledug
di ranjah munding, ari maneh boga munding mah, hayoh gantian, mun teu di
gantian di laporkeun ka pulisi..”
“ampun pa..” ceuk si kabayan ” abdimah teu gaduh bulu-buluna acan munding
teh, eta mah lalamunan. hayu iteung urang balik..” si kabayan ngajak balik
kapamajikanana.
mitohana gogodeg.
isukna si kabayan dititah ngala kalap ku mitohana, tina sapuluh kalapa, si
kabayan bakal di buruhan kalapa sa hulu. si kabayan atoheun pisan, terekel wae
naek kana tangkal kalapa rek ngala kalapa nu kolot.
barang nepi ka luhur tuluy diuk sidengdang dina sela-sela dahan kalapa,
teng wae ngalamun.
“buruh ngala kalapa rek di jual, ladangna di beulikeu kana endog hayam,
tuluy di pegarkeun, pek di ingu. hayamna beuki loba, endogna ge rea deuih,
endog di jual ka pasar, aing jadi bandar endog. tina ladang endog aing rek
meuli domba, domba oge ngareaan…. aing jadi bandar domba, tina bati domba aing
rek meuli munding… eh ketang moal, moal meuli munding bisi ngaruksak sawah
mitoha… ah rek meuli kuda wae. kudana kuda balap.. kuda ustrali nu jangkung tea,
aing jokina…plok..plok kudana di lumpatkeun…”
bari ngalamun kitu teh si kabayan reurendeukan dina palupuh kalapa.
“kuda teh beuki tarik lumpatna… horseh kotoplak…kotoplak……” sikabayan beuki
motah wae diukna dina palapah kalapa, tepi ka palapah teh pepelenoyan.
kulantaran motah teung palapah teh potong, sikabayan ngoleang kabawa ku palapah
kalapa. gebrus wae ka balong. untungna kalapa teh sisi balong, si kabayan
pipina bared keuna regang awi, sukuna tipalitek, untung teu maot oge.
ti harita sibayana kapokeun deui ngalamun dina tangkal kalapa…..
0 komentar:
Post a Comment