Mitoha si kabayan keuheuleun pisan,
sabab si kabayan sok ngalamun wae. di gawe bari ngalamun, dahar bari ngalamun,
mandi bari ngalamun komo di pacilinganmah mani beuki anteng ngalamuna teh…
sakali mangsa si kabayan manggih endog meri, ngagoler dina jarami di sawah
mitohana, si kabayan atoheun pisan, gancang endog meri teh di bawa kaimah
de tembongkeun ka pamajikanana.
“sukur, ka dieu urang kulub, keu si encid (budakna red.)” ceuk
pamajikan si kabayan.
